Musik itu Menginspirasi semua orang

MY BLOG : Menyediakan berbagai informasi mengenai musik dan tari :) =D follow twitter saya di @fitriaayu_28s. follback, just mention :D

Selasa, 30 April 2013

CONTOH WARTA



Nipu 338 Urang, Kedokna Usaha Forex Trading


Kabidhumas Polda Jabar Kombespol Martinus Sitompul. [Potret: jejaknews.com]
(SundaNews, Bandung) Tupa-tipu di dunya maya mutuh beuki mahabu. Boh ngaliwatan facebook boh ngaliwatan website resmi. Salah sahiji situs tukang tipu téh nyaéta www.pandawainvesta.com, nu ti bulan Novémber 2012 nanawarkeun invéstasi valuta asing. Nepi ka danget ieu, korban éta wébsite téh geus aya 338 urang. Karugianana lain saeutik deuih; Rp. 40 miliar.
Ku karancagéan gawé pihak kapulisian, admin www.pandawainvesta.com téh hasil kasalusur nepi ka kacerekna. Pulisi mimiti ngayakeun tindakan sabada meunang laporan ti sawatara korbanna. “Nu laporan téh masihan pituduh ku cara nyebatkeun opat nami. Inisialna M, R, F sareng HM. Anapon nu tos kacerek mah nembé saurang, buktosna HM,” cék Kabidhumas Polda Jabar, Kombés Pol Martinus Sitompul.
Investasi foreign exchange (forex) atawa valuta asing téh api-apina mah rék méré kauntungan nu kacida pikabitaeunana, nyaéta 50%, 70%, 100% jeung 300%. Gedéna kauntungan gumantung kana duit nu jadi modalna.
Minangka ganjaran tina kalakuanana, kiwari HM kajiret ku pasal 28 ayat 1 UU No. 11 Taun 2008 ngeunaan Informasi dan Transaksi Elektronik. Sabab, tétéla HM geus ngabéwarakeun perkara kabohongan nu antukna réa jalma nu nandangan karugian. Dina éta pasal, hukuman keur HM téh paling lila 6 tahun jeung meunang dengda samilyar.
“HM téh tiasa kajiret ku pasal 372 sareng pasal 378 KUHP deuih. Hukumanana 4 tahun panjara,” Martinus mungkas. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar